Bayu nganteurkeun léngkah nu geus lungsé
Jalan asa teu tungtungan
Layung marengan sapanjang tatapakan
Alam éndah mustari bumi
Sunda di buana
Langit geus cunduk ka poék
Béntang bala di jagat
Sukma kabawa bagja
Bulan sapasi nganteur ka implengans
Pasusubuh.. panon poé némbongan
Nyaangan talaga bodas nu éndah kacida
Ngumbar asih kahéman
Némbongkeun ciptaan Sang Wisésa
Nu aya dina pangharepan
Talaga Bodas
Garut, 12 Maret 2011

Tidak ada komentar:
Posting Komentar