Tapi, ngan saukur kalangkang
Aya teuteup salira nu éndah
Tapi, ngan saukur kalangkang
Aya raray salira nu ngalangkung
Tapi, ngan saukur kalangkang
Aya seungit salira nu ngahiliwir
Tapi, ngan saukur kalangkang
Balébat cenah mawa béja
Rumangsang cenah mawa bagja
Manceran cenah mawa cita
Sariak layung cenah mawa cinta
Peuting cenah mawa carita
Duuh,,,, Salira...
Najan sumping na impénan
Aya rasa kahéman
Dina wanci anu munggaran

Keur ... Keur ............
BalasHapusHaredang Haredang ................. ;)
hahaha...
BalasHapusKak Reza banget tuh!!!
nilai donk, bagus gak tuh sajaknya???
blogna terlalu berat ktika loading page, low bsa background na jngan pke image ya alna ne trasa bngt ktka d akses dri hp..piss akh
BalasHapushahaha...
BalasHapusaksesnya pake PC atuh kang