Jaman baheula, di Parahu Bosok wewengkon Cilamaya Wétan, aya aki – aki. Pagawéan matuhna ngala rebon ( anak hurang ). Unggal poé manéhna nyunyurung waringna mapay – mapay basisir. Beubeunanganana tuluy dijieun tarasi. Ceuk béja, tarasi jieunan si Aki mah kasohor ngenahna. Malah nepi ka ayeuna tarasi jieunan ti Parahu Bosok mah kawéntar pelemna.
Sanggeus lila bubuara di Parahu Bosok, Si Aki tuluy ngumbara, néangan deui tempat nu loba rebonna. Ma’lum rebon mah ayana usum – usuman. Sanggeus sababaraha apruk – aprukan, Si Aki nepi ka hiji tempat anu ayeuna katelah Cipucuk. Di éta tempat baheula mah can loba kaimpungan ku jelema. Dina ayana gé bisa diitung ku curuk.
Basa anjod ka dinya, Si Aki kacida ripuheunana. Tikorona ngarasa garing hayang nginum, tapi néangan cai kacida héséna. Aya ogé kotor jeung rarujit deuih. Bakat ku hanaang, Si Aki antukna ngagali sumur. Can ogé jero ngagalina, burial téh caina kaluar bari tiis jeung hérang deuih. Ngan lantaran hanaang kabina – bina, teu panjang mikir leguk baé nginum tina cai nu bijil éta.
Lantaran lebar ku cai sumur nu taya saatna, Si Aki tuluy nyieun saung nu teu jauh ti sumur. Itung – itung nungguan cai, kitu ceuk pikirna. Salila didinya, manéhna teu ninggalkeun pagawéan pokona nyaéta nyieunan tarasi rebon. Tapi, lantaran éta tempat rebonna teu pati réa, Si Aki lunta deui apruk – aprukan néangan tempat anu sakira loba rebonna. Kapaksa saung jeung sumurna ogé ditinggalkeun.
Sanggeus ditinggalkeun ku Si Aki, datang awéwé tanpadaksa. Barang manggihan saung anu sakitu merenahna jeung aya sumur anu caina sakitu hérang jeung tiisna. Éta awéwé tanpadaksa teu kira – kira bungaheunnana. Asa manggih naon boa. “ Nuhun Gusti, abdi diparengkeun manggih tempat anu sakieu ngenah tumaninahna”. Kitu ceuk gerentesna. Saterusna éta awéwé tanpadaksa téh tumetep di éta patempatan.
Béja majar di Cipucuk aya sumur anu caina hérang jeung tiis téh, kaangin – angin ka lembur séjén. Bubuhan di dinya mah werit ku cai beresih, atuh barang aya béja téh pada ngadareugdeug. Jul – jol jalma ti suklakna. Lain baé hayang nyacapkeun kapanasaran, tapi babakuna mah hayang ngala cai tiis téa keur kabutuh sapopoé.
Keur awéwé tanpadaksa mah éta téh jadi rejeki. Unggal jalma anu butuh cai sok aya paméréna. Najan teu gedé, tapi ari ku loba mah nu méréna, teu burung teu banda anu cukup keur ngabayuan hirupna. Cai tiis téa, ku manéhna di wadahan heula kana gentong. Nya ti dinya jalma nu daratang meunang cai téh. Heunteu ti sumurna langsung. Dicaram ku awéwé tanpadaksa téa, majar lamun ngala langsung ti sumur mah caina bisi ka kotoran.
Kacaturkeun dina hiji mangsa, aya saurang aki – aki datang ka dinya. Kaayaanana wuwuh matak pikawatireun. “Nyai, aki hayang nginum. Hanaang. Sugan aya cai tiis!”. Ceuk Si Aki. “Euleuh aki, geus beak cai tiisna ogé. Aya gé cai asin”. Témbal awéwé téh.
Si Aki ngadéngé caritaan éta awéwé téh siga nu ngangres, beungetna alum. Pok Si Aki ngagerendeng sorangan. “Cai asin? Aya ku teungteuingeun. Pédah aing aki – aki kitu?” Si Aki tuluy ka pipir saung. Jumarigjeug muru sumur éta. Sanggeus kitu, tél baé iteukna dianclomkeun kana cai sumur. Ti dinya mah menéhna indit, bari teu kanyahoan kamana léosna.
Caturkeun sanggeus Si Aki euweuh, saperti biasa awéwé tanpadaksa téh ngalayanan urang lembur nu butuh ku cai beresih. Ngan barang aya urang lembur nu ngasaan caina, teu sirikna ngagéréwék bari ngélél – ngélélkeun létahna “Alah ieung, lékék.. lékék.. asin! cenah. Puguh waé awéwé tanpadaksa téh reuwas. “piraku asin?” pokna bari manéhna nyiuk cai, tuluy manéhna ngilu ngasaan. Enya baé cai dina gentong téh geus asin. Manéhna gigideug ngarasa héran kabina – bina, ras inget ka aki – aki téa, gebeg manéhna reuwas. Kapikir moal boa cai jadi asin téh pvdah ngomong euweuh cai tiis ka Si Aki. Teu apaleun yén Si Aki anu tadi téh sebenerna mah anu boga éta sumur.
Ti harita di Cipucuk taya jalma nu manggihan cai tiis, ngan asin jeung asin baé tug nepi ka kiwari.
Tah kitu geuning, muga baé ieu téh janten paringetan keur urang, yén urang téeh salawasna kudu daék tutulung ka nu butuh, tatalang ka nu susah, mere mawéh ka sasama sangkan hirup pinanggih jeung kabagjaan.

Mampir kesini Kawan... Tapi sayang kebanyakan artikelnya pakek bahsa sunda, saya tidak begitu paham... :D Tapi gak apa-apa, semakin menambah khasanah budaya Negeri ini... Mari warnai Indonesia dengan karya-karya cemerlang... :)
BalasHapushahaha.. ini bukan artikel, tapi sebuah dongeng berbahasa sunda asli dari Karawang..
BalasHapusayoo... semangat menulis, warnai pertiwi