Mandalawangi
mangrupa savana édelwis anu aya di
Gunung Pangrango. Savana nu diapit ku
dua pasir ieu, sacara administratif
asup ka Kabupatén Bogor, Kabupatén Sukabumi jeung Kabupatén Cianjur.
Tiris, tangtu kesan nu mimiti pikeun
kuring basa kaluar tina beus Garuda Pribumi jurusan Bandung-Merak. Turun pas di
daérah Cipanas, pertigaan anu rék ka Cibodas. Peuting nu simpé, da geuning
nalika nempo arloji téh geus jam 11 peuting. Angkot nu biasa aya di éta
pertigaan, ari peuting mah euweuh hiji-hiji acan. Untungna wéh aya babaturan
kuring anu geus nepi ka warung Bu Dé, tempat mondok kuring jeung babaturan nu
rék naék isukan. Satengah jam nungguan di éta pertigaan, ahirna datang ogé nu
ngajemput kuring téh. Tuluy kuring naék motor bari mawa ransel nu geus pinuh ku
barang-barang pikeun naék gunung. Nalika kuring nepi warung Bu Dé, langsung wéh
sasalaman jeung babaturan kuring nu séjénna bari tuluy léos ka jamban, tuluy
istirahat sangkan isukan lalampahan, kaayaan awak geus siap.
Balébat
datang mawa béja, yén ayeuna panon poé geus bijil ti beulah wétan, jadi tanda
yén kuring jeung barudak nu séjén kudu buru-buru ngepak deui barang-barang nu rék
dibawa lalampahan, sabada solat subuh berjamaah. Bérés ngepak, tuluy kuring
saparakanca sarapan pikeun ngeusi tanaga. Jam dalapan, nangtung nguriling
ngawangun lingkaran pikeun ngadua ka nu Maha Kawasa, mugia lalampahan kuring
jeung tim ayeuna aya dina panangtayungan Pangéran nu Maha Kawasa.
Lalampahan
dimimitian. Tempat anu jadi tujuan kahiji nya éta Bascamp Cibodas, tempat administrasi
sareng perijinan pendakian Taman Nasional Gunung Gedé Pangrango (TNGGP). Cukup
ku perwakilan tim anu nguruskeun ieu
perijinan, da saméméhna gé geus boking heula ngaliwatan website TNGGP kucara online.
Ayeuna mah ukur nyaluyukeun jalma nu ngilu lalampahan nalika daptar online jeung nu ngilu ayeuna. Lima belas
menit cukup pikeun nguruskeun perijinan
didieu, haté leuwih tenang da geus terdaptar,bisi wéh aya nanaon di luhur téh.
Léngkah tuluy nepi ka pos Talaga
Biru. Dingaranan Talaga Biru téh ku sabab talaga anu aya di éta tempat warnana
biru, kusabab pinuh ku alga-alga anu ngajadikeun éta cai jiga biru. Teu
lila eureun didinya, da jalan pikeun
nepi ka Mandalawangi téh masih jauh kénéh. Ti Talaga Biru, tuluy kuring jeung
réngréngan nepi ka pos 3 anu ngaranna Panyangcangan. Cenah, ieu pos disebut
panyangcangan téh kusabab baheulana ieu tempat mangrupa tempat nyancang kudana
Prabu Suryakencana nalika rék ka Alun- Alun Suryakencana, lembah édelwis di
Gunung Gedé. Teu jauh ti Panyangcangan, ka jalan turunan beulah katuhu aya
curug ngaréndéng nu ngaranna Curug Cibeureum. Tapi pikeun ka Madalawangi mah,
teu kaliwatan éta curug téh, da béda jalan téa.
Arah nu dituju nya éta ka katuhu jalan, nu geus mimiti nanjak nepi ka
nyieun ngos-ngosan kana napas téh. Jarak ti Panyangcangan nepi ka Cipanas
lumayan jauh.
Cipanas mangrupa pos anu kaopat
diliwatan ku tim nu lalampahan. Disebut Cipanas sabab jalur nu diliwatan
mangrupa walungan leutik anu caina panas, beulah kénca curug-curug leutik cai
panas, beulah katuhuna jurang. Jadi upama ngaliwatan ieu jalan kudu ati-ati,
sanajan geus dipager beusi beulah katuhuna. Sabada ti Cipanas, lalampahan
dilanjutkeun ka pos Kandang Batu. Kandang Batu ieu aya di ketinggian 2220 mdpl,
disebut Kandang Batu kusabab di ieu tempat loba matérial batu sésa meletusna
Gunung Gedé. Ti ieu pos, jalan leuwih nanjak tibatan saméméhna, perlu waktu 1
jam pikeun nepi ka pos terahir saméméh puncak Gunung Pangrango.
Pos
terahir nu diliwatan nya éta pos Kandang Badak. Dingaranan Kandang Badak
kusabab daérah ieu bécék nepi ka jiga kandang. Di pos ieu, aya persimpangan
jalur, kénca jalur pikeun ka Gunung Gedé, katuhu pikeun ka puncak Gunung
Pangrango. Diperlukeun waktu 3-4 jam pikeun nepi ka puncak Gunung Pangrango.
Puncak Pangrango mangrupa dataran pangluhurna di TNGGP, leuwih hieum tibatan Gunung Gedé sabab jarang nu lalampahan ka Pangrango mah, seseringna naraékna ka Gedé. Ti puncak ieu tangtuna urang bisa nempo Alun–Alun Mandalawangi tur bisa nempo kelap kelip lampu Kota Jakarta. Tiris tangtuna waé hal anu pasti urang rasakeun. Naging nalika turun ti puncak tur nepi ka Alun-Alun Mandalawangi, rasa capé asa leungit. Béntang baranang, kembang abdi, jadi pemandangan anu hésé urang meunangkeun di kota. Komo deui upama panon poé mimiti leungit di kulon, leungit diantara Gunung Salak 1 jeung Gunung Salak 2, kaéndahan ciptaan Pangéran anu moal bisa digambarkeun ku kekecapan, iwal kecap Subhanallah.



Tidak ada komentar:
Posting Komentar