Kolom
Tatanén
mangrupa hiji pakasaban masarakat dina melak paré boh di huma atawa di sawah.
Di tatar Sunda sorangan, tatanén dijadikeun pakasaban utama ku masarakat. Lain
ngan saukur pikeun masarakat Indonésia sorangan, basa orde baru mah nepi ka
bisa ngaékspor béas ka nagara
deungeun saking ku lobana hasil tatanén masarakat. Taneuh nu subur, cur cor
caina jadi modal utama tatanén di Indonésia téh alus hasilna.
Kiwari,
nu dijelaskeun di luhur téh ngan saukur carita kolot. Tatanén téh geus robah ku
industri. Sawah jeung huma geus robah
jadi gedong pabrik. Pakasaban nu asalna patani, geus robah jadi buruh pabrik.
Boro-boro bisa ngaékspor, keur kabutuh masarakat Indonésia sorangan gé kurang
kénéh, nepi ka pamaréntah kudu ngaimpor
ti nagara deungeun.
Salian
ti sawah jeung huma nu diganti ku gedong pabrik, lahan téh geus jadi perumahan
pikeun masarakat. Lahan nu ngurangan tapi jelemana terus nambahan. Pantes waé
ari tatanén téh ayeuna mah teu jiga baheula. Di désa mah, tatanén téh masih
kénéh jadi pakasaban utama masarakat. Patani masih kénéh bisa ngajual hasil
tatanénna najan teu nepi ka ngaékspor
ogé. Béda deui jeung di kota nu geus euweuh lahan tatanén deui, ku ayana ogé
heureut pisan.
Leungit
tatanén, leungit ogé budaya nu aya dijerona. Budaya ngawuluku, nganglér, tebar,
tandur, ngarambét, ngagemuk jeung panén moal aya deui meureun. Komo di kota
mah. Di désa gé saeutik nonoman nu apal kana budaya-budaya éta. Padahal
pakasaban téh mangrupa salah sahiji unsur tina tujuh unsur budaya numutkeun
Koentjaraningrat.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar