Panon poé caang di sakuliat jagat
Kakayon gugupay mawa béja
Didieu kuring sono ka salira
Salira nu nyimpang dina impénan
Salira nu imut dina lamunan
Salira nu pinuh ku pangharepan
Paulna langit geus asa ngiuhan
Ieu haté nu di ririwa ku kalangkang
Di sasak Tokbray Tasikmalaya
Aya implengan dina cur-corna cai walungan
Implengan dina kahirupan
Nu lain ngan saukur omongan
Tuh, béntang sulintang panceg ngadagoan

Tidak ada komentar:
Posting Komentar