marquee

Silih Asih ku Pangarti, Silih Asah ku Pangabisa, Silih Asuh ku Pangaweruh

Minggu, 30 Juni 2013

Béntang di Sisi Patuha

Nyorangan di sisi pasawéran
Halimun geus  bangun geus lungsé nutupan
Hariring ngan tinggal sapasi nu marengan
Ngan béntang masih keukeuh baranang

Nyorangan di sisi pasawéran
Rét neuteup jalan tue tungtungan
Nyorang mangsa katukang
Ku waas ku hariwang


Nyorangan di sisi pasawéran
Aya kénéh seungit impénan
Mawa hiji pangharepan
Nungguan nu bakal datang

Nyorangan di sisi pasawéran
Duh, émut ka salira jungjunan
Asa sono kana lalampahan
Lalampahan nu mawa kahéman

Rancabolang,  30 Juni 2013


Tidak ada komentar:

Posting Komentar