Jaman baheula, aya dua jelema,
adi lanceuk. Lanceukna ngaranna Subur, ari adina ngaranna Sabar.
Kawas nu meunang nyetélkeun, si
Subur téh hirupna ma’mur, réa ketan réa keton. Pacabakanana jadi sudagar nu sok
jual beuli rupa-rupa barang ka mancanagara. Mun ayeuna mah meureun pangusaha ékspor-impor. Ngan aya hanjakalna,
kumedna leuwih ti misti. Sumawonna méré mawéh
atawa jakat jariah. Sakalieun dipéntaan tulung ogé ku nu boga karerepet,
hésé kacida. Dina méréna, kudu baé aya boréh. Lamun nginjemkeun duit, kudu baé
dipulangkeun jeung anakna, mangka tara leutik-leutik éta téh. Ceuk paribasa
mah, teu meunang dikoét ku nu kékéd wéh.
Éstuning béda jeung adina nu
ngaran Sabar téa. Sanajan hirupna paspasan, malah bisa disebutkeun “kurang
sejahtera” alias miskin; tapi masih bisa kénéh daék tutulung ka batur
kalaparan, teu ieuh wani ngantep, teu sirikna huap hiji diduakeun. Katotol
jalna sabar jeung tawekal, tara kadéngé aral subaha ngarasula. Boga lanceuk
beurat beunghar, tara ieuh dipaké pananggeuhan. Keur mah eukeur kétang
lanceukna kitu, enya cap jahé; merengkel ka haté-haté. Ari pacabakan sapopoé
Sabar téh kana tani jeung kula kuli néangan sahuap-sakopeun.
