marquee

Silih Asih ku Pangarti, Silih Asah ku Pangabisa, Silih Asuh ku Pangaweruh

Rabu, 28 Agustus 2013

SASAKALA CAI LAUT ASIN


                Jaman baheula, aya dua jelema, adi lanceuk. Lanceukna ngaranna Subur, ari adina ngaranna Sabar.
                Kawas nu meunang nyetélkeun, si Subur téh hirupna ma’mur, réa ketan réa keton. Pacabakanana jadi sudagar nu sok jual beuli rupa-rupa barang ka mancanagara. Mun ayeuna mah meureun pangusaha ékspor-impor. Ngan aya hanjakalna, kumedna leuwih ti misti. Sumawonna méré mawéh  atawa jakat jariah. Sakalieun dipéntaan tulung ogé ku nu boga karerepet, hésé kacida. Dina méréna, kudu baé aya boréh. Lamun nginjemkeun duit, kudu baé dipulangkeun jeung anakna, mangka tara leutik-leutik éta téh. Ceuk paribasa mah, teu meunang dikoét ku nu kékéd wéh.
                Éstuning béda jeung adina nu ngaran Sabar téa. Sanajan hirupna paspasan, malah bisa disebutkeun “kurang sejahtera” alias miskin; tapi masih bisa kénéh daék tutulung ka batur kalaparan, teu ieuh wani ngantep, teu sirikna huap hiji diduakeun. Katotol jalna sabar jeung tawekal, tara kadéngé aral subaha ngarasula. Boga lanceuk beurat beunghar, tara ieuh dipaké pananggeuhan. Keur mah eukeur kétang lanceukna kitu, enya cap jahé; merengkel ka haté-haté. Ari pacabakan sapopoé Sabar téh kana tani jeung kula kuli néangan sahuap-sakopeun.
                Pareng hiji mangsa, datang usum paila, usum tigerat sagala hésé, lantaran halodo panjang. Tatanén si Sabar gagal; sawah ngahgar palawija garing. Antukna anu susah téh lain si Sabar jeung patani séjénna baé, méh sakabéh jalma ngarasa ripuh; kudu ngurangan dahar jeung nginum, lantaran euweuh dahareun jeung inumeunana. Iwal jalma-jalma anu loba pakayana cara si Subur.
                Lantaran kapaksa ku butuh, si Sabar ngadatangan lanceukna. Maksudna taya lian, rék lahlahan nginjeum duit atawa naon baé anu bisa dipaké dahareun. Piraku sugan lanceukna henteu haat nulungan.
                Barang datang  ka imah lanceukna, disampakkeun bubuden haseum.
                “Aya naon ka dieu, Di, tara-tara ti sasari?” Lanceukna nanya.
                “Nu mawi Kang, abdi téh aya kaperyogian”.
                “Kaperluan naon? Sok pok caritakeun buru-buru, Akang masih kénéh loba gawé”.
                Barabat atuh si Sabar nyaritakeun pamaksudanana.
                “Duit mah euweuh, maksud téh euweuh nu nganggur. Aya ogé ku Akang rék dipaké balanja. Jeung deui lamun ku Akang dibéré nginjeum, kumaha mayarna? Da Akang mah jalma usaha, sakur duit anu kaluar kudu balik deui bari aya untungna keur Akang. Ayeuna mah kieu baé, Akang rék méré ka Adi, béas sakilo dua kilo mah. Sakitu ogé untung, sabab ayeuna mah euweuh nu haratis”.
                Bari haténa peurih leuwih-leuwih ti digerihan ku hinis, béas téh ditampa. Lumayan keur ngabanjel-banjel beuteung manéhna jeung anak pamajikanana. Sugan dua tilu poé mah tue kudu mikiran béas. Paméré ti lanceukna ditarimakeun pisan, tuluy baé balik ka imahna.
                Teu lila ti harita, ka Imah si Subur aya anu uluk salam, aki-aki regéng bongkok kundang iteuk. Ku pribumi teu ditari teu ditakon. Pok baé atuh aki-aki téh wakca balaka, rék ménta dahar, lantaran geus dua poé beuteungna teu kararaban sangu. Jawaban pribumi matak nyentug kana haté.
                Pokna, “Na aya aki-aki nurus tunjung, teu hir teu walahir, datang-datang ujug-ujug ménta dahar! Yeuh, Aki, di dieu mmah teu aya nu haratis. Mun teu boga duit kudu dibayar ku tanaga”.
                “Juragan, Aku ogé sanés teu ngartos, mung kumaha atuh da tos sakieu kaayaanana, leumpang ogé jajarigjeugan,” témbal si Aki semu ngalengis.
                “Mun kitu mah Aki salah alamat. Di dieu mah euweuh nu haratis!” Pokna bari mendeutkeun panto.
                “Emh, Juragan mani teungteuingeun teuing ...,” ceuk si Aki bari indit. Les baé teu kanyahoan ka mana léosna.
                Teu lila ti harita, aki-aki téh geus nangtung hareupeun panto Ki Sabar. Terus uluk salam. Ditémbalan ku pribumi, terus mukakeun panto.
                Pok pribumi nanya, “Aki téh nu ti mana sareng badé ka saha?”
                Si Aki némbalan, “Lembur Aki mah jauh, lalampahan dua poé dua peuting ti dieu. Euweuh nu dijugjug, leumpang sakaparan-paran wé.  Nu mawi kadieu, Aki téh neda pitulung, manawi aya sih piwelasna”.
                “Mangga Aki, carioskeun baé, manawi abdi tiasa ngabantuan”. ceuk pribumi daredeh. “Mangga ka lebet atuh, Aki”.
                “Sawios Ujang. Aki téh badé nyuhunkeun sangu, manawi aya. Tos dua dinten henteu kararaban sangu”.
                “Euleuh-euleuh, Aki, karunya teuing. Mangga atuh kalebet, kaleresan ari sangu baé mah aya”, omong Ki Sabar. Ngomong kituna téh bari ngarangkul aki-aki téa, teu sirikna dirawu dipangku, dibawa ka jero imah. Tuluy didiukeun dina ambén.
                Sor sangu saboboko ngebul kénéh, kawantu kakara nyat pisan tina sééng. Sor piringna. Malah sanguna ogé dipangnyiukkeun ku Ki Sabar. Ki Sabar ngaharéwosan pamajikanana, supaya buru-buru ngisikan deui. Sabab geus tangtu sangu téh moal mahi keur saréréa. Keun baé, cenah, teu kudu ngirit-ngirit keur isukan. Isukan mah urang usaha deui baé, sugan aya milik. Sakalian bari ngabangbrangkeun anakna, anu ti tadi geus ngarenghik baé hayang dahar. Pamajikanana surti, terus baé ka cai bari ngélék boboko buntung. Budakna dibawa.
                Aki-aki daharna mani ngalimed. Cacakan deungeunna ngan jeung hulu asin, ditambah sambel goang. Sangu saboboko mani tinggal juruna. Tapi paroman Ki Sabar teu riuk-riuk keuheul sumawonna cua asa kasoro rejeki. Kalah ka marahmay, pédah geus bisa nulungan aki-aki nu langlayeuseun.
                Réngsé dahar, aki-aki amitan. Teu bisa ditahan, maksa hayang indit baé. Tapi saméméh indit méré pamulang tarima, mun bisa disebut pamulang tarima téa mah, nya éta lulumpang leutik jeung haluna.
                Pokna, “Ieu téh milik Ujang, kudu ditarima, da Ujang nu pantes narima ieu lulumpang téh. Ieu téh lain lulumpang samanva, aya hasiatna. Upama Ujang aya kahayang, sebutkeun baé kahayang Ujang. Carana kieu: Lulumpang, ménta anu. Sakumaha paménta Ujang bakal ditedunan. Ari negureunkeunana, lulumpang téh awuran ku taneuh saeutik. Sakitu baé ti Aki mah. Aki percaya Ujang bakal bisa mawana”. Sanggeus ngomong kitu aki-aki kaluar ti imah Ki sabar. Les baé teu kanyahoan ka mana inditna, teu béda ti basa datangna tadi.
                Lulumpang geuwat dirawatan ku Ki Sabar. Barang datang pamajikanana ti cai, barakat atuh dicaritakeun sagala rupana. Pamajikanana olohok, percaya teu percaya.
                “Cing atuh urang cobaan, Kang! Abdi hoyong dahar anu ngarareunah”.
                Henteu talangké, lulumpang téh dicobaan.
                “Lulumpang, ménta dahareun nu ngarareunah!” ceuk Ki Sabar.
                Anéh bin ajaib, halu nutuam ku manéh kana lulumpang. Teu sawatara lilana, tina lulumpang téh kalaluar sarupaning kadaharan anu ngarareunah. Aya sangu ngebul kénéh dina sangku, mangka sangu béas Cianjur. Aya bistik daging sapi; opor ayam; pais lauk Majalaya; sambel muncang kabeuki Ki Sabar katut lalabna.
                Lulumpang dieureunkeun ku taneuh sakeupeul. Brak atuh Ki Sabar sakulawarga dalahar. Dahar ngeunah balakecarakan. Sanggeus bérés dalaharna, Ki Sabar nitah pamajikanana supaya ngumpulkeun sakabéh tatanggana, bisi aya beuteungna ngongkrong, atawa bisi hayang milu dahar ngeunah ngariung balakecrakan.
                Ti harita, Ki Sabar jadi jalma beurat beunghar. Imahna gedong, sawahna lega, ingon-ingonna loba. Hirupna geus taya basa kakurangan deui. Sanajan kitu,  Ki Sabar henteu poho ka purwadaksina. Harta bandana dipaké amal jariah, tutulung ka nu butuh, tatalang ka nu susah. Munasabah upama kaimpungan ku jelema téh. Jadi panaggeuhan saréréa, kaasup anu datang ti jauhna.
                Kabeungharan jeung kabageuran Ki Sabar jadi bukur catur, kembang carita. Antukna kémpér-émpér ka lanceukna, Ki Subur téa. Mimitina mah Ki Subur teu percaya, yén adina geus jadi jalma beunghar. Tapi sanggeus mindeng ngadéngé loba nu nyarita kituna, manéhna mimiti percaya. Tuluy baé atuh tatan-tatan rék nepungan adina, sakalian ngayakinkeun omongan-omongan batur téa. Jeung deuih, lamun enya téa mah adina beunghar, sugan baé bisa nulungan di mana aya karérépét.
                Gancangna carita, Ki Subur téh geus nepi baé ka imah adina. Ku adina, Ki Sabar téa, dibagéakeun tur dihormat sakumaha mistina. Sanggeus ngobrol ngalér ngidul, pok baé atuh Ki Subur téh nanyakeun asal-muasalna nepi ka adina bisa jadi jalma beunghar. Lamun munjung-munjung ti mana; lamun muja, muja ka saha.
                “Abdi mah henteu munjung ka gunung, muja ka sagara; sumawonna ka jurig jarian siluman-siluman mah. Ieu mah aya bagja diri baé, rejeki dipaparin ku Gusti. Saréatna ngaliwatan lulumpang”. ceuk Ki Sabar.
                “Lulumpang? Lulumpang naon, Adi?”
                Barabat atuh  dicaritakeun ku Ki Sabar, ti mimiti kadatangan aki-aki, nepi ka dibéré lulumpang.
                “Cing, Adi, ngilikan lulumpang ahéng téh!”
                Dasar Ki Sabar jalma hadé haté, teu boga pikir goréng ka nu jadi lanceuk. Lanceukna dibawa ka kamar tempat nunda lulumpang téa. Kawantu lain lulumpang samanéa téa, tempatna ogé husus di kamar anu rada lega. Sakalian ambéh laluasa dina aya paménta.
                Peuting éta, Ki Subur ngéndong di imah adina. Basana, kagok cenah isukan rék balayar mawa dagangan ka nagri dengeun; ti dieu mah leuwih deukeut ka palabuan. Jeung sono wé deuih, cenah, geus lila taya waktu ngarumpul ngariung jeung nu jadi dulur. Ari pangiringna jeung anak pamajikanana, di titah indit ti heula ka palabuan. Ngadagoan kapal di cai.
                Ceuk tadi ogé, Ki Sabar mah jalma hadé haté. Lanceukna kitu peta téh, teu ieuh dipianéh sumawonna curiga. Katambah-tambah geus apal kana pamaké lanceukna, anu sakapeung mah sok ilahar ngabedah adat. Disangkana, enya baé sono jeung dulur. Nu matak atohna leuwih ti kacida. Lanceukna dipupujuhkeun, sagala kahayangna ditedunan.
                Tengah peuting, tara-tara ti sasari teuing jempling. Sapangeusi imah Ki Sabar sararé tibra lir anu disirep baé. Iwal Ki Subur, anu mémang ti tadiogé ngan nyileuk baé. Haténa geus gilig rék migawé pagawéan julig. Rék maok lulumpang ahéng nu adina. Rerencepan kaluar ti kamarna, culang-cileung, aman. Lulumpang dicokot, terus dibawa kabur. Lain ka imahna, tapi ka palabuan. Gura-giru naék kapalna nu geus siap balayar. Peuting éta kénéh, kapal cai dititah tarik jangkar.
                Isukna guyur di imah Ki Sabar: lulumpang ahéng leungit! Ditéangan dikotéktak, weléh henteu kapanggih. Barang nyaho lanceukna ogé geus euweuh, teg baé Ki Sabar téh. Moal salah, lanceukna anu boga gawé téh. Kari-kari lulumpang leungit, lanceukna indit teu béja teu carita.
                “Geus baé teu kudu diributkeun deui. Mana kitu ogé meureun lain milik urang. Sakieu ogé urang mah geus pirang-pirang. Ayeuna mah urang kokolakeun baé pakaya anu aya nepi ka mangpaat”, ceuk Ki Sabar ka pamajikanana.
                “Abdi mah asa ku teungteuingeun wé boga dulur téh,” ceuk pamajikanana, cumalimba.
                “Keun baé, da burung palung ogé dulur sorangan. Ayeuna mah urang silidu’akeun wé, supaya salamet saréréa”. ceuk Ki Sabar deui. Abong anu sabar.
                Kocapkeun Ki Subur, kapalna geus ngangkleung di tengah laut. Haté Ki Subur bungah taya papadana. Teu panasaran ninggalkeun pakaya di lemburna ogé, sabab baris kagantian. Manéhna boga lulumpang ahéng. Sagala kahayang baris timekanan.
                “Aing bakal jadi jelema pangbeungharna sadunya”, gerentes haté Ki Subur. Barakatak atuh seuri.
                Tempona dahar, brak saréréa dalahar. Dahar ngeunah sukan-sukan. Ngan aya nu anéh, kabéh kadaharan téh bet henteu mirasa. Karasana calawérang.
                “Naha kadaharan téh bet kurang sari?” ceuk Ki Subur, dienyakeun ku nu séjénna. “Cing, tanyakeun ka juru masak, naon sababna?”
                Anu dititah nanyakeun indit, teu lila geus datang deui.
                “Saurna téh Juragan, teu aya uyah. Tadi sateuacan mios teu kabujeng mésér uyah heula. Janten sadaya kaolahan téh henteu nganggo uyah”.
                “Paingan atuh cawérang. Geus tong loba omong. Ayeuna ténjokeun ku saréréa, kula rék ngadatangkeun uyah”, ceuk Ki Subur. Kusiwel ngaluarkeun lulumpang téa jeung haluna.
                “Lulumpang, ménta uyah!” ceuk Ki Subur. Harita kénéh, halu nutuan ku manéh, teu lila tina lulumpang kaluar uyah bubuk. Kabéh nu aya dina kapal padahéran. Ki Subur seuri ngagakgak bangun ni’mat.
                “Parantos Juragan, sakitu ogé cekap, kanggo naon uyah seueur-seueur teuing”, ceuk juru masak.
                Ngadéngé omongan juru masak kitu, bép baé Ki Subur balem. Kumaha ngeureunkeunana? Cenah kudu diawuran taneuh! Alah siah, mangka méméh indit teu mawa taneuh. Di mana aya taneuh di tengah laut? Ki Subur geumpeur.
                “Taneuh! taneuh! taneuh!” Ki Subur gogorowokan.
                Nu ngadéngkeun rungah ringeuh teu nyarahoeun maksudna.
                “Néangan taneuh sakeupeul, keur ngeureunkeun lulumpang!” ceuk Ki Subur deui. Ki Subur deui. Buriak atuh jelema téh indit naréangan taneuh.
                “Alungkeun ka laut lulumpangna!” aya nu ngagorowok.
                “Motong! Pabrik duit éta téh deuleu!” Ki Subur morongos.
                Di mana atuh aya taneuh di kapal? Kapal sakitu beresihna. Apan biasana, tong boroning aya taneuh, katénjo aya kakebul ogé, Ki Subur nyarékan laklak dasar. Kapal salilana kudu katémbong beresihna.
                Lulumpang terus digawé sorangan, ngaluarkeun uyah bubuk. Beuki lila, uyah téh beuki baé minuhan kapal cai. Kapal beurateun ku uyah. Jalanan oléng. Antukna lep baé karem ka jero laut. Jelema patingkocéak ménta tulung. Bororaah nulungan batur, masing-masing nyalametkeun dirina sorangan. Kapal karem, kabéh penumpangna kaasup Ki Subur jeung kulawargana, taya nu salamet.


                Ari lulumpang ahéng téa, ceuk dongéng mah nepi ka ayeuna ogé terus baé digawé, teu eureun-eureu ngaluarkeun uyah. Nu matak cenah, cai uyah mah asin, lantaran ngandung uyah tina lulumpang téa. 

2 komentar: